B. Daerah

Pertanyaan

jelaskeun ku hidep patokan patokan lamun rek nyusun Pupuh magatru !

1 Jawaban

  • Patokan patokan lamun rek nyusun pupuh magatru nyaeta guru wilangan jeung guru lagu tina pupuh magatru teh 12-u, 8-i, 8-u, 8-i, 8-o. Salian ti guru wilangan jeung guru lagu, watek atawa karakter nu aya dina pupuh magatru teh nyaeta ngagambarkeun rasa handeueul ku tingkah polah sorangan, atawa bisa oge watekna mapatahan.

    Pembahasan

    Pupuh nyaeta patokan atawa aturan anu biasa digunakeun dina sawatara puisi Sunda. Aturan atawa patokan nu aya dina pupuh disebut guru wilangan jeung guru lagu. Guru wilangan nyaeta jumlah engang nu aya dina unggal padalisan pupuh. Sedengkeun guru lagu nyaeta sora engang tungtung nu aya dina unggap padalisan pupuh. Di handap ieu dijentrekeun penjelasan atawa ciri-ciri pupuh, kaasup oge pupuh magatru:

    1. Aya 17 rupa pupuh anu dikelompokkeun jadi dua kelompok nyaeta Sekar Ageung jeung Sekar Alit. Dina Sekar Ageung aya opat rupa pupuh. Sedengkeun dina Sekar Alit aya 13 rupa pupuh. Pupuh magatru kaasup kana pupuh Sekar Alit.
    2. Pupuh nu aya dina Sekar Ageung sok disebut pupuh KSAD, nyaeta singgetan tina ngaran pupuh nu aya dina Sekar Ageung, nyaeta pupuh Kinanti, Sinom, Asamarandana jeung Dangdanggula.  
    3. Pupuh biasa ditepikeunana ku dihaleuangkeun ngagunakeun sawatara rupa tembang. Pupuh nu aya dina Sekar Ageung biasa dihaleungkeun ngagunakeun leuwih ti sarupa tembang. Sedengkeun pupuh nu aya dina Sekar Alit biasa dihaleuangkeun ku ngagunakeun ngan sarupatembang.  
    4. Puisi Sunda anu biasa ngagunakeun patokan pupuh nyaeta saperti wawacan jeung guguritan. Wawacan biasa ngagunakeun pupuh nu aya dina Sekar Ageung wungkul. Sedengkeun guguritan biasa ngagunakeun pupuh nu aya dina Sekar Ageung atawa Sekar Alit.

    Pelajari lebih lanjut

    • Macam-macam pupuh https://brainly.co.id/tugas/1060670
    • Perbedaan kawih dengan pupuh https://brainly.co.id/tugas/330707
    • Unsur intrinsik pupuh https://brainly.co.id/tugas/2370478

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : I

    Mapel : Bahasa Sunda - Pangaresep

    Bab : 2

    Kode : 1.13.2

    Kata Kunci : Pupuh, puisi Sunda, wawacan, guguritan, pupuh magatru

Pertanyaan Lainnya