B. Daerah

Pertanyaan

Rumpaka kawih 'tanah sunda' teh eusina mangrupa ebrehan rasa cinta ka... A.lemah cai B.kabogoh C.indung bapa D.kaendahan alam

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Kawih

    Kelas : VIII (2 SMP)

    Pembahasan :

    Rumpaka kawih "Tanah Sunda" teh eusina mangrupa ebrehan rasa cinta ka (A) lemah cai. Memang anu paling nyaho kana eusi atawa maksud rumpaka kawih teh anu paling pasti mah nyaeta anu ngarang eta kawih. Anu ngarang kawih tangtu nyaho maksud tina eusi hiji rumpaka kawih.

    Kawih anu mangrupa karya sastra dina wangun puisi tangtu beda kalimah atawa kekecapannana jeung karya sastra dina wangun prosa anu biasana dina prosa mah maksud atawa eusi kekecapannana teh jelas, henteu siga wangun puisi anu sok loba miboga harti konotatif.

    Tapi sanajan kitu, dina rumpaka kawih oge aya sawatara unsur anu bisa dijadikeun pikeun nilik atawa nganalisa eusi rumpaka kawih, nyaeta unsur-unsur tema atawa jejer, nada jeung suasana, rasa, jeung amanat. Ku ayana eta unsur-unsur, rumpaka kawih anu kadang-kadang mangrupa kekecapan anu miboga harti konotatif, jadi bisa dianalisa eusina.

    Saperti contona, kawih Es Lilin, umpama ditilik sacara saliwat mah eta kawih teh mangrupa kawih anu temana atawa jejerna ngeunaan kadaharan. Tapi umpama ditilik sacara leuwih jero, ku ngagunakeun unsur-unsur anu disebutkeun di luhur, tema kawih Es Lilin teh nyaeta ngeunaan cinta atawa asmara.

    Jadi, unsur-unsur nu aya dina rumpaka kawih teh mangrupa alat anu bisa digunakeun sacara maksimum pikeun nilik atawa nganalisa naon anu dimaksud ku pangarang eta kawih. Ditilik tina rumpakana, kawih oge mangrupa wangun puisi saperti sajak anu eusina mangrupa ebrehan eusi pikiran pangarangna.

    Kata Kunci : Kawih, Tanah Sunda, tema, nada, rasa, amanat

Pertanyaan Lainnya