pengertian office boy dalam bahasa sunda
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Office boy dina basa Sunda nyaeta jalma, lalaki, anu biasa digawe di kantor-kantor anu miboga tugas purah babantu pagawean naon bae anu perlu bantuan saperti beberesih, sasapu, purah fotocopy, ngirim surat, kadang-kadang oge nyiapkeun inuman atawa kadaharan, pokona pagawean naon wae nu aya di kantor anu perlu bantuan.
Jaman baheula mah tugas office boy teh sok dilakukeun sakalian ku opasa atawa pelayan anu ngarangkep oge salaku penjaga. Tapi dina jaman kiwari mah tugas nu babantu jeung tugas ngajaga kantor teh geus dipisah. Jalma anu tugasna babantu di kantor disebut Office Boy. Sedengkeun jalma anu tugasna ngajaga kaamanan disebut Security atawa Satpam singgetan tina satuan pengamanan.
Kategori Soal : Bahasa Sunda
Kelas : - (SMA)
Kata Kunci : Office boy, basa Sunda