jieun cangkangna Ieu sisindiran di handap - - - make beel ngarah gaya - ka tempo siga nu lolong - - - majar maneh anak gaul - hanjakal wausna hejo - - - ari ha
Pertanyaan
-
-
- make beel ngarah gaya
- ka tempo siga nu lolong
-
-
- majar maneh anak gaul
- hanjakal wausna hejo
-
-
- ari hayang jadi artis
- padahal sok lehoan
-
-
- si omeng daharna gembul
- beuteungna sagede nyiru
-
-
- buuk panjang teu di urus
- katenjona siga kunti
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Jieun cangkangna ieu sisindiran di handap
Jawaban
Pendahuluan
Sisindiran nyaeta karya sastra Sunda dina wangun ugeran atawa puisi. Umpama ditilik tina wangun eusina, aya puisi anu eusina mangrupa carita jeung aya oge puisi anu eusina teu mangrupa carita. Conto puisi anu eusina mangrupa carita nyaeta wawacan jeung carita pantun. Sedengkeun conto puisi anu eusina henteu mangrupa carita nyaeta sisindiran, sajak, guguritan, pupujian jeung mantra.
Aya tilu rupa sisindiran nyaeta paparikan, rarakitan jeung wawangsalan. Umpama ditilik tina maksud atawa eusina, aya sisindiran anu eusina mangrupa piwuruk, aya sisindiran anu eusina mangrupa silih asih, jeung aya oge sisindiran anu eusina mangrupa sesebred atawa heureuy.
Pembahasan
1. Paparikan Sesebred
diteangan teh teu aya
di imahna oge kosong
make beel ngarah gaya
ka tempo siga nu lolong
2. Paparikan Sesebred
majar maneh arek kaul
hanjakal teu boga kejo-
majar maneh anak gaul
hanjakal wausna hejo
3. Paparikan Sesebred
ari nyebut mah panglaris
padahal mah dioloan
ari hayang jadi artis
padahal sok lehoan
4. Paparikan Sesebred
puguh mah mere bakatul
hayang disebutna sangu
si omeng daharna gembul
beuteungna sagede nyiru
5. Paparikan Sesebred
hayangna disebut alus
tapi euweuh anu ngarti
buuk panjang teu di urus
katenjona siga kunti
Kesimpulan
Dina unggal padalisan sisindiran biasana aya dalapan engang atawa suku kata. Dina sapada paparikan jeung rarakitan aya opat padalisan. Sedengkeun dina sapada wawangsalan mah ngan saukur aya dua padalisan. Dina sisindiran aya bagian anu disebut cangkang atawa sampiran jeung aya bagian anu disebut eusi.
Dina paparikan jeung rarakitan, padalisan kahiji jeung kadua mangrupa cangkang, padalisan katilu jeung kaopat mangrupa eusi. Sedengkeun dina wawangsalan, padalisan kahiji mangrupa cangkang, padalisan kadua mangrupa eusi. Conto sisindiran di luhur teh nyaeta sisindiran paparikan anu eusina mangrupa sesebred.
Pelajari lebih lanjut
1. Ciri-ciri sisindiran https://brainly.co.id/tugas/10745076
2. Bagian bagian sisindiran https://brainly.co.id/tugas/12839746
3. Pengertian dan contoh paparokan, rarakitan dan wawangsalan https://brainly.co.id/tugas/1722548
-----
Detil Jawaban
Kelas : VIII (2 SMP)
Mapel : Bahasa Sunda - Sisindiran
Bab : 4
Kode : 8.13.4
Kata Kunci : Sisindiran, cangkang, eusi, paparikan, rarakitan, wawangsalan, sesebred