Paribahasa . Aya cukang komo meuntas Hartina:
Pertanyaan
Aya cukang komo meuntas
Hartina:
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Paribasa "Aya cukang komo meuntas" hartina nyaeta kabeneran aya cukang lantaran pikeun gancang-gancang ngalaksanakeun pamaksudan. Aya oge paribasa anu sarua hartina jeung paribasa di luhur, nyaeta paribasa "aya jalan komo meuntas" hartina nyaeta "manggihan cara atawa jalan pikeun gancang-gancang ngalaksanakeun pamaksudan".
Pembahasan
Paribasa nyaeta bagian tina pakeman basa. Pakeman basa nyaeta kalimah atawa kekecapan anu migoga susunan anu geus matok sarta harti anu geus matok oge. Jadi, paribasa mah kecap-kecapna teu meunang diganti atawa dirobah. Tapi dina praktekna aya sawatara paribasa anu susunan kekecapanana anu diganti atawa dirobah.
Salian ti dua paribasa di luhur anu miboga harti sarua. Aya oge paribasa Sunda lianna anu hartina sarua atawa mirip harti dua paribasa di luhur nyaeta paribasa "Mobok manggih gorowong" anu miboga harti meunang jalan pikeun ngalaksanakeun kahayang.
Pelajari lebih lanjut
1. Arti dan contoh pakeman basa brainly.co.id/tugas/1262529
2. Aya jalan komo meuntas https://brainly.co.id/tugas/8366307
3. Mobok manggih gorowong https://brainly.co.id/tugas/11897985
------
Detil Jawaban
Kelas : IX
Mapel : Bahasa Sunda - Pakeman Basa
Bab : 3
Kode : 9.13.3
Kata Kunci : Aya cukang komo meuntas, paribasa, mobok manggih gorowong, pakeman basa